Langit biru
Di luhureun gunung Guntur
Matak wa' as
Di pulas ku mega bodas
Mega bodas
Mega sutra kembangna rasa
Rasa kacinta
Nu akang sareng salira
Ca' ang bulan
Luhureun kawah Kamojang
Bentang rapang
Luhur gunung Papandayan
Rarakitan
Rakit asih rakit kaheman
Harepan urang
Sing dugi ka rerendengan
Di lebah Situ Bagendit
Didinya mimiti mekar katresna
Di lebah Situ Bagendit
Didinya pisan lalakon urang dua' an
Ca' ang bulan
Luhureun kawah Kamojang
Bentang rapang
Luhur gunung Papandayan
Rarakitan
Rakit asih rakit kaheman
Harepan urang
Sing dugi ka rerendengan
Di lebah Situ Bagendit
Didinya mimiti mekar katresna
Di lebah Situ Bagendit
Didinya pisan lalakon urang dua' an
Di lebah Situ Bagendit
Didinya munggaran ragrag kaheman
Di lebah Situ Bagendit
Nya di dinya pisan
Dua ati geus ngahiji