Ka'Asih INDUNG
EMKA 9,DEDI MULYADI
Indung lembur panineungan
Wasilah mata munggaran
Alam nyanggap papasangan
Tangtu nu jadi ukuran
Ngampar leumah jajalanan
'
Lampah hirup dilakonan
Ka'asih Indung marengan
Samping jangkung
Gelung jucung
Awak rengkung di sebakeun
Sesa umur di anteurkeun
Ngaguru ku kabodoan
Ikhlas eusi kapinteran
Ciduh meutuk jajampean
Ajeg lampah dilakonan
Leumah ngamparkeun kaheman
Nungtun laku ning kamelang
Panas Ajaran tibeurang
Ngaguru ka poe peuting
Sasuci ku cai ibun
Pahing geutih pahang tulang
Ayun ambing ayun ambing
Ajeg tangtung hirup nanjung
KARYA EMAS KANG DEDI MULYADI
Lampah hirup dilakonan
Ka'asih Indung marengan
Samping jangkung
Gelung jucung
Awak rengkung di sebakeun
Sesa umur di anteurkeun
Samping kebat gogoleran
Endah rema gugupayan
Sapanjang Indung maruengan
Ajeg lampah kamulya'an
Leumah ngamparkeun kaheman
Nungtun laku ning kamelang
Panas Ajaran tibeurang
Ngaguru ka poe peuting
Sasuci ku cai ibun
Pahing geutih pahang tulang
Ayun ambing ayun ambing
Ajeg tangtung
hirup...nanjung...
HATUR NUHUN