Di basisir laut pelabuan ratu
Di palebah batu ngampar karang hawu
bari nyawang ketengah lautan
Hate pinuh panghareupan
Di sarengan ku bebende di gigireun
Rema panangan silih cepang silih ranggem
Hiliwir angin dalingding katresnya
Mapaesan cinta urang
Patutur tutur ombak nu silih surungkeun
Ting jelegur nembrak kana karang hawu
Kadedeuh kenyaah cinta nu urang
Kukuh pengkuh di karang hawu
Tempat wisata palabuhan ratu
Ceuk dongen ceunah ceuk beja
Kantos sumping ibu ratu
Di karang hawu
Tempat anu endah
Nya didinya pisan
Maheutkeun janji pasini
Di karang hawu
Paleubuhan ratu
Aya carita urang duaan
Teupikeukeneun katurunan
Di sarengan ku bebende di gigireun
Rema panangan silih cepang silih ranggem
Hiliwir angin dalingding katresnya
Mapaesan cinta urang
Patutur tutur ombak nu silih surungkeun
Ting jelegur nembrak kana karang hawu
Kadedeuh kenyaah cinta nu urang
Kukuh pengkuh di karang hawu
Tempat wisata palabuhan ratu
Ceuk dongen ceunah ceuk beja
Kantos sumping ibu ratu
Di karang hawu
Tempat anu endah
Nya didinya pisan
Maheutkeun janji pasini
Di karang hawu
Paleubuhan ratu
Aya carita urang duaan
Teupikeukeneun katurunan