Teu sangka gening teu sangka teu malire salamina
Sugan teh tetep micinta gening pegat duriatna
Mere jangji saenyana horeng ukur ngabibita
Abong kena kanu hina jangji henteu jeung buktina
Keur waktu tepung munggaran mastikeun ngajak rimbitan
Tapi buktina nyalahan ngan ukur pikanyerieun
Najan aya keur gantina henteu cara jeung anjeuna
Sugan teh mo nganyenyeri horeng kieu nasib diri
Kamana atuh kamana hayang panggih jeung anjeuna
Lamun kieu balukarna...pasti pegat jeung anjeuna
Kunaon teu aya sumping matak kesel ngajeng ngajeng
Panginten salira pundung...geus lawas henteu patepung
Di emutan siang wengi cenah mah kagungan deui
Anjeun tos lali ka abdi sugan teh mo nganyenyeri
Teusangka gening teusangka sapu nyere pegat simpay
Geningan nganggap kalakai teu cara keur mikapalay
Carita arek ngabela gening teu aya nyatana
Lamun kieu salawasna micinta taya hartina
Panyimpai udar talina pasini kosong eusina
Naon nu jadi lantaran ninggalkeun tanpa alesan