Gusti ....
Neda pitulung ... geuning
Goong téh kaimpi totos
Duka naon balukarna ...
Kajeun teu wawuh jeung dulur
Kajeun anggang ... jeung baraya ...
Tinimbang raheut haté mah
Diri abdi jeung anjeunna geuning
Raga ikhlas bibilasan
Gusti ...
Abdi antosan ...
Hiji wengi ...
Keur sumedeng sepi jempling
Kantos abdi balilihan
Sasambat ka nu Kagungan
Aduh Gusti anu murbéng bumi alam
Naha asa séséépan
Nyiksa téh taya suda na
Kuma suling ... dunungan
Da kuma suling
Suling téh ngan ... silung baé
Suling téh ngan silung baé
Kuma kuring ... dunungan
Da kuma kuring
Kuring téh ngan ... bingung baé duh ...
Kuring téh ngan bingung baé
Kunaon abdi disiksa ...
Pan abdi teu gaduh dosa
Duh Pangéran nu Kawasa ...
Hampura aral subaha
Maklum anu ...
Maklum anu jadi indung
Boga anak ngan sahiji
Pok na bari cumalimba
Semu ngenes ...
Semu ngenes lungas leungis
Ibu mana ari bapa
Abdi mah hayang papanggih alahhh ...
Bongan bangkong ... dunungan
Da bongan bangkong
Ka cai teu ... dimandikeun
Ka cai teu dimandikeun
Bongan bohong ... dunungan
Da bongan bohong
Pasini teu ... dijadikeun
Pasini teu dijadikeun
Jawab anu jadi indung ...
Emas mirah buah ati
Ujang mah teu boga bapa
Walonna piraku deui