SONO RERE REINA
Hoo.. hoo..
Hoo.. hoo..
Emut bae ka anjeuna
Siang wengi mung anjeuna nu ka impi
Aduh aduh aduh Gusti
Kieu geuning karasana
Lamun hate kapanah ku jamparingna
Teu iraha teu dimana
Mung anjeuna nu aya dina lamunan
Geter asih nu gumatih
Mawa rasa endah cinta
Tibelat, mung ka anjeuna
Sok sono kabina bina
Hate nyedek hoyong tepang
Hariwang kuring hariwang
Inggis lami teu patepang
Duh sono taya duana
Kieu geuning karasana
Lamun hate mikacinta
Nu aya ukur anjeuna
Salam Simpay Katresna
Sunda Salawasna
Teu iraha teu dimana
Mung anjeuna nu aya dina lamunan
Geter asih nu gumatih
Mawa rasa endah cinta
Tibelat, mung ka anjeuna
Sok sono kabina bina
Hate nyedek hoyong tepang
Hariwang kuring hariwang
Inggis lami teu patepang
Duh sono taya duana
Kieu geuning karasana
Lamun hate mikacinta
Nu aya ukur anjeuna
Lamun hate mikacinta
Nu aya..
Ukur anjeuna
Hatur Nuhun