Lamun moal miluan 
Ulah hayang ngasaan 
Urang rék berjuang 
Keun baé sorangan 
Basa poé harita 
Gawé di pabrik cina 
Urang teu kahaja ningali 
Manéh jeung si éta 
Jeung si goblog éta 
Tatangkeupan duaan na motor Supra 
Lamun hayang nyaho mah 
Urang léwéh kuduna 
Tapi éra ku babaturan 
Éra ku tukang dagang 
Meni kabina-bina 
Salingkuh jeung si éta 
Padahal mah goréng patut bengeutna 
Sia salingkuh jeung siluman cangkang Pantene 
Anu beungeutna bubuk ciga pamulangan pécin 
Aing lain teu payu, lain euweuh nu beuki 
Kar'na ngan barang murahan nu babari dibeuli 
Meunangkeun si éta, cigana sia kurang jampé 
Ciga meunangkeun kabogoh ti hadiah alé-alé 
Babari ganti pasangan, sia euweuh hargaan 
Clék kaditu kadieu geus ciga kéncléng jumatan 
Manéh jeung si éta 
Jeung si goblog éta 
Tatangkeupan duaan na motor Supra 
Lamun hayang nyaho mah 
Urang léwéh kuduna 
Tapi éra ku babaturan 
Éra ku tukang dagang 
Meni kabina-bina 
Salingkuh jeung si éta 
Padahal mah goréng patut bengeutna 
Urang pernah ngurung di kamar (hulang-huleng nepi ka poho dahar) 
Nepi ka érék modar (hayang ulin tapi da aing bangkar) 
Untung babéh urang asup ka kamar 
Jadi teu jadi modar (kala hirup panjang kénéh aing kudu sabar) 
  Lamun hayang nyaho mah 
Urang léwéh kuduna 
Tapi éra ku babaturan 
Éra ku tukang dagang 
Meni kabina-bina 
Salingkuh jeung si éta 
Padahal mah goréng patut bengeutna 
Merjuangkeun sia, hirup aing pabeulit 
Mun nyaho bakal kieu, mening aing ngepél mesjid 
Puguh meunang pahala, jauh kana cilaka 
Moal ngabatin mun ngadangukeun lagu Armada 
Tapi aing yakin, sia bakal hayang balikan 
Nu nyaah ciga aing, sok mangga wéh pilarian 
Sok wéh kalem, ka aing mah tong ngarasa karunya 
Kar'na kabéh bakal, "Anying kaduhung," pada waktunya