KATINEUNG ATI
Ade Sagara
Asal ti Allah mulang ka Allah
Salira miang neudunan papasten Anjeunna
Estu kadar nu ngateur salira
Mulihna ka Alam Baqa'
kalayan di jajap ku Du'a
Sinareung ku ka Ikhlasan
Pileuleuyan… pi leuleuyan,"
Hujan… Ngarinrincik…
Mareungan simpena peuting…
Ras… anjeun nu teu aya
Di pundut kunu Kawasa…
Kabayang … babanyolan nana…
Ngalangkang… tingkah polahna…
Karaos pisan kanya'ahna
Asa mo aya gantina…
Rasa kasono… hese mapalerkeun nana…
Rasa asih jeung katineung…
Moal rek sirna ku mangsa…
Ngagulungna jeuro dada…
Ukur keclakna cimata…
Nu jadi tilam ka eling…
Duuhh… pileuleuyan…
Duh gusti… nu Maha Suci…
Mugi anjeuna kaleubeut
Ahli Surga nu sajati…
Kiatkeun nu di kantunna…
Tumarima kana kadar…
Sing sabar reujeung tawekal…
Pidu'a abdi nyareungan…
INTRO
SALAM SIMPAY KATREUSNA
Rasa kasono… hese mapalerkeun nana…
Rasa asih jeung katineung…
Moal rek sirna ku mangsa…
Ngagulungna jeuro dada…
Ukur keclakna cimata…
Nu jadi tilam ka eling…
Duuhh… pileuleuyan…
Duh gusti… nu Maha Suci…
Mugi anjeuna kaleubeut
Ahli Surga nu sajati…
Kiatkeun nu di kantunna…
Tumarima kana kadar…
Sing sabar reujeung tawekal…
Pidu'a abdi nyareungan…
HATUR NUHUN