Ngumbar Kawa'as (ABAH)
Vocal : Ade Sagara Cipt : Ade Sagara
Ngawa'as mangsa lawas
Na mangsa abah keur aya
Taya basa hate simpe
Da hate sok dipepende
Tutunggul di luhur kubur
Samoja di pajaratan
Ubar hate nu longkewang
Hana'ang ku hoyong tepang
Kiwari kantun wa'asna
Panineungan nu baheula
Ngan ukur kari tapakna
Abah.....
Miang hamo balik deui
Kadeudeuh anu tos maneuh
Kanya'ah nu nyaliara
Kumaha mulangkeunnana
Rumasa....
Anggang ka mulang tarima
Gugunungan lir anu gugupay
Horeng gupay pileuleuyan
Tutunggul di luhur kubur
Samoja di pajaratan
Ubar hate nu longkewang
Hana'ang ku hoyong tepang
Kiwari kantun wa'asna
Panineungan nu baheula
Ngan ukur kari tapakna
Abah...
Miang hamo balik deui
Kadeudeuh anu tos maneuh
Kanyaah nu nyaliara
Kumaha mulangkeunana
Rumasa....
Anggang ka mulang tarima
Gugunungan lir anu gugupay
Horeng gupay pileuleuyan
Gugunungan lir anu gugupay
Horeng gupay panungtungan
Hatur Nuhun Pangrojongna