Girimis meuntaskeun bentang
Peuting neundeun panineungan,
Bulan muru katangtuan
Balebat nganteurkeun caang.
Neang wanci pang harepan,
Moal peunggas ku lamunan.
Simpe taraje nahate langit
Neuteup ngadeukeutan,
Srangenge mendakan poe
Beurang muru lembur peuting,
Lemah mapag rasa heman
Sagara ilang kamelang.
Lembur lengkob pamatuhan seah
Dangding meuntas langit.
Ngampar jajar kahuripan
Cai nyurupkeun kaasih,
Sagara paheut ka lemah
Sumujud pangeusi nagri.
Kawung cunduk nganteur waktu
Marahmay pangeusi nagri,
Durugdug munding malati
Muka welas matri asih,
Raga nyurup kawaluya bagea dulur baraya.
Bumi manjing kalangitan
Seah hujan kabagjaan.
Ajeg gunung satangtungan susukan
Panjang harepan, melak tangkal ajeg
Lemah tung tung waktu teu tinemu.