peuting tingtrim ku poekna
beurang mernah ku caangna
leumpang muru katangtuan
asih nu jadi harepan
sirah cai semu nyeri
bingung lemah pangbalikan
rongkah jiga nu amarah
dimana kaasih gusti
leungeun meunggaskeun lamunan ooh
panon poe semu lungse
bulan rumahuh ka gunung
bentang leungiteun udagan
waktu teu nyusup itungan
usum teu mernah kamangsa
sagara mapagkeun lemah
ngajerit pangeusi nagri
bingung mulangkeun dirina
nur waktu teu tinemu
teuing kmana balikna
sirah cai semu nyeri
bingung lemah pangbalikan
rongkah jiga nu amarah
dimana kaasih gusti
leungeun meunggaskeun lamunan ooh
panon poe semu lungse
bulan rumahuh ka gunung
bentang leungiteun udagan
waktu teu nyusup itungan
usum teu mernah kamangsa
sagara mapagkeun lemah
ngajerit pangeusi nagri
bingung mulangkeun dirina
nur waktu teu tinemu
teuing kmana balikna