BULEUD
.
Lain sakali anjeun teh ngulang ngulang deui
Kasalahan sami mani neungteuli nganyeunyeuri
Tega tegana teu bosen bosen ngumbar ngumbar cinta
Taya puas puas na luka liku ngagulkeun dusta
Lain sabaraneun lain dagoaneun
Asa buntu teu manggih jalan keur kasaean
?cihuy Buleud?
Saha nu ridoeun didua keun ditilukeun
Hate kapanasan awak katirisan
Abdi rela pasrah cape kagugulung masalah
Hate geus karancang teu ka ubaran
?Cihuy Buleud??
Menit ieu abdi pamit
Narimakeun cinta nu leungit
Ngapungkeun rasa nu pait ka luhur langit
Abdi rela undur diri
Ngubur panghareupan nu suci
Malidkeun rasa kanyeuri neunagkeun ati
Kajeun asa beurat ngalengkah
Kajeun abdi can boga arah
Abdi buleud buleud buleud lepas ti anjeun
JANGAN LUPA POLLOW&LIKE
MINAT SONGBOK JISA:082130511484
Menit ieu abdi pamit
Narimakeun cinta nu leungit
Ngapungkeun rasa nu pait ka luhur langit
Abdi rela undur diri
Ngubur panghareupan nu suci
Malidkeun rasa kanyeuri neunagkeun ati
Kajeun asa beurat ngalengkah
Kajeun abdi can boga arah
Abdi buleud buleud buleud lepas ti anjeun
.