Éh... banondari anu dénok anu montok
Matak moho matak pogot
Anu geulis mani amis, nu éndah matak kabita duh geulis (I love you, darling)
Ngan hanjakal eulis teh henteu kaopan
Gampil bendu mun kasinggung perasaan
Tutunjuk bari neuteuli, nyarios meni nyoroscos
Céréwéd lir manuk toéd duh darling…
Najan kitu diri nyai tetep narik
Imutna matak kapincut, ilatna matak tibelat
Lambey ipis lir kuéh lapis, mun digégél tangtu amis
Aduh tobat geulis…
Asolali asolali……
Wa owa eng
Asolali asolali……
Wa owa eng
Asolali asolali……
Wa owa eng
Asolali asolali……
Wa owa eng
Engkang sembaheun abdi, narpati nu gagah sakti (nyai, kumaha? kumaha, geulis?)
Engkang téh jago ngarayu percéka mikat wanita
Teu perduli aya nu boga, engkangg…
Di dunya taya duana pameget anu kawas engkang
Waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung
Purah ngudag-ngudag bikang, aduh engkang…
Diraksukan ku henteu matut, dilancingan ogé randutdut
Kumis cokrom buuk gondrong, lir barongsay keur ngadangong
Aduh engkang (alah, akang siga barongsay?)
Éh… banondari ulah kitu cinta engkang téh saéstu
Lain cinta imitasi tapi cinta nu sajati
Cinta engkang mah teknologina ca-ca-canggih, geulis
Cinta engkang dijamin moal rek luntur
Cintaku hanya untukmu
Dunya brama teu kabilang, nendeun duit di unggal bank
Emas inten golondongan, kop kabeh eta keur nyai…
Bisi hayang pelesiran langlang jagat
Bari shoping ka unggal nagara
Ka jepang rejeng ka hongkong
Ka new york rejeng ka paris
Atawa rék ka cilincing
Pék atuh geura balaka, kahayang pasti aya
Asal bener cinta ka akang
Aduh tobat geulis…
Asolali wa owa eng………
Asolali asolali……
Wa owa eng
Asolali asolali……
Wa owa eng
Asolali asolali……
Wa owa eng
Engkang (apa, sayang?)
Engkang téh geningan bodo, ngarayu carana kuno
Nyombo bari ngolo-ngolo
Engkang…
Cinta sanés komoditi, teu bisa dibeuli-beuli
Najan ayeuna keur tréndi
Atawa ditawar-tawar, najan dibayar ku dollar
Abdi mah da henteu hayang
Aduh engkang playboy, aduh playboy, aduh playboy
Engkang…
Pameget mah dimana-mana gé sami
Eukeur bogoh sok kokorowot
Eukeur geugeut keukeureuweut
Mun can beunang panasaran
Engkang panasaran