Panonna alus, irung alus, biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir mani mulus
Ngan hanjakal pisan kalakuan siga sétan
( kalakuan siga setan )
Gunta-ganti jalu teu sirikna unggal minggu!
Uuugh
Naha kunaun nu geulis loba nu bangor?
Naha kunaon nu bangor loba nu geulis?
Sigana mah ngrasa… asa aing hadé rupa
(ngrasa asa aing hadé rupa )
Bisa payu ka sasaha tungtungna jadi cilaka!
Kulit kelir konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi syusyu…
Ngan naha atuh beut dimumurah?
Géblég hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju..
Panonna alus, irung alus, biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir mani mulus
Ngan hanjakal pisan kalakuan siga sétan…
Gunta-ganti jalu teu sirikna unggal minggu…
Naha kunaun nu geulis loba nu bangor?
Naha kunaon nu bangor loba nu geulis?
Sigana mah ngarasa asa aing hadé rupa
Bisa payu ka sasaha tungtungna jadi cilaka…
Kulit kelir konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi syusyu
Ngan naha atuh beut dimumurah?
Géblég hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju