Jalan pikir urang.. geus teu sahaluan
Katresna kapeungkas ku cinta nu lian
Endah carita katukang...
Teu jadi beungbeurat rasa... Kasa..lira
Bentang nu sasarina weleh nyarengan
Kiwari ilang cahyana lir nonggongan
Geuningan kieu buktina...
Anjeun nyidraan jangjina...
Lamun rek kieu akhirna na kunaon... Harita beut kedal cinta
Cekap kapeurihna
Urang taya guratan jodona...
Kadeudeuh kaasih
kiwari dipulang peurih
Anjeun tega.. tur milih anjeuna..
Harepan nu urang
tuh akhirna teu kasorang
Anjeun jalir.. duh jungjunan
Meulit na emutan..
Betah na lamunan
Duriat urang nu kedah... pepegatan
Kembang cinta urang..
Gedag kaanginan..
musnah ilang...
Nampi abdi Gusti..
Najan peurih ati
Dalah kumaha ieu nu jadi putusan
Jodo jeung maotna...
Bungah jeung sedih na...
Wenang ti mantena...
Bentang nu sasarina weleh nyarengan
Kiwari ilang cahyana lir nonggongan
Geuningan kieu buktina...
Anjeun nyidraan jangjina...
Lamun rek kieu akhirna na kunaon... Harita beut kedal cinta
Cekap kapeurihna
Urang taya guratan jodona...
Kadeudeuh kaasih
kiwari dipulang peurih
Anjeun tega.. tur milih anjeuna..
Harepan nu urang
tuh akhirna teu kasorang
Anjeun jalir.. duh jungjunan
Meulit na emutan..
Betah na lamunan
Duriat urang nu kedah... pepegatan
Kembang cinta urang..
Gedag kaanginan..
musnah ilang...
Nampi abdi Gusti..
Najan peurih ati
Dalah kumaha ieu nu jadi putusan
Jodo jeung maotna...
Bungah jeung sedih na...
Wenang ti mantena...
Meulit na emutan..
Betah na lamunan
Duriat urang nu kedah... pepegatan
Kembang cinta urang
Gedag kaanginan
musnah ilang...
Nampi abdi Gusti..
Najan peurih ati
Dalah kumaha ieu nu jadi putusan
Jodo jeung maotna...
Bungah jeung sedih na...
Wenang ti manten..na...