cobi taksir iyeu abdi nu herang mencrang
sok piraku si akang henteu kabandang
da abdi mah mun ditilik
tigigirna da meni lenggik
mun disawang ti tukang da meuni lenjang
Cobi taksir deui iyeu
abdi nu jangkung lenjang
sok piraku ku akang henteu ka bandang
Da abdi mah mun disawang ti
tukangna da meni lenjang
mun kasorot neon cahayana enyoy enyoyan
yu hayu urang leumpang
da rerendengan
da abdi mah teu acan gaduh tunangan
ulah gimbir pami akang
ka abdi da bade naksir
ulah rempan mun akang da bade mandang
Pangnaksirkeun iyeu abdi
nu rada rada montok
sok piraku si akang henteu molohok
mun percanten da abdi mah
masih banter banter keneh
sok piraku ku abdi henteu ka bandang
Cobi taksir deui iyeu abdi
nu hideng hideung santen
sok pirakun si akang henteu percanten
mun percanten da abdi mah
masih banter banter keneh
sok piraku ku abdi henteu ka bandang
yu hayu urang leumpang da rerendengan
da abdi mah teu acan gaduh tunangan
ulah gimbir pami akang da bade naksir
ulah rempan mun akang da bade mandang