Wengi tadi
salira imut ka saha
teuteup asih
nyeredet mudunkeun lenyap
wengi tadi
salira imut kasaha
linduh soca
mariis peutingan manis
kacipta imut salira mun kuring
panutan nana
lelebna kedaling rasa
kanggo salamina
hanjakal imut salira
ngalanglang tepung salangkung
teu acan dumugi ati
salira....
tos angkat deui
Wengi tadi
kabandang rasa simpati
peurah asih tumerus
kabantun ngimpi
wengi tadi
lamunan manteng salira
nyipta pareng
tiasa patepang deui
kacipta imut salira mun kuring
panutan nana
lelebna kedal ning rasa
kanggo salamina
hanjakal imut salira
ngalanglang tepung salangkung
teu acan dumugi ati
salira tos angkat deui
Wengi tadi
kabandang rasa simpati
peurah asih tumerus
kabantun ngimpi
wengi tadi
lamunan manteng salira
nyipta pareng
tiasa patepang deui