menu-iconlogo
logo

Kantunkeun

logo
가사
Kantunkeun abdi mah

Didieu wae

Teu kiat Nyarengan

nu teu sahate

Ramat ramat duriat

Nyulam rindat tibeulat

Nganteng teu pegat

Riwayat pegat teu tamat

Kantunkeun abdimah

Tengahing jalan

Teu kiat nyarengan

Teu sakaheman

Pucuk pucuk impian

Wios layu muguran

Kembang kahayang

Randakah dina impenan

Teu kedah janten emutan

Kantunkeun abdi nyorangan

Tong teuing janten bangbaluh

Mun raga...kedah pajauh

Teu kedah janten baluwas

Ngaragas nyipta kawaas

Teu kedah janten kamelang

Guratan kedah paanggang

Kantunkeun abdimah

Didieu wae

Teu sae micinta

Midua hate

Binih asih na ati

Nu teu kantos ngajadi

Yu urang tampi

Kersaning Gusti Hyang Widi

Kantunkeun abdimah

tengahing jalan

Teu kiat nyarengan

teu sakaheman

Pucuk pucuk impian

Wios layu muguran

Kembang kahayang

Randakah dina impenan

Teu kedah janten emutan

Kantunkeun abdi nyorangan

Tong teuing janten bangbaluh

Mun raga..kedah pajauh

Teu kedah janten baluwas

Ngaragas nyipta kawaas

Teu kedah janten kamelang

Guratan kedah paanggang

Kantunkeun abdimah

Didieu wae

Teu sae micinta

Midua hate

Binih asih na ati

Nu teu kantos ngajadi

Yuk urang tampi

Kersaning..Gusti Hyang Widi

Kantunkeun - Rita Tila - 가사 & 커버