Matapoe
voc.Abiel Jatnika
Matapoe Rek Ngampih
Tanda Rek Salin Wanci
Beurang Rek Naleukeum Ka Peuting...
Cihcir Tonggeret Recet
Ngahudang Balilu,
Lalewang...
Laun Laun Kapi'ati
Cukang Lantaran Mah Eta
Sumeleket Dina Jero Hate..
Pikir Ngahudang Brangta
Kahayang Biheung Laksana
Honcewang, hate Lalewang...
Sakapeung Dipikir Peurih
Raga Lir Keuna Ku Peurah
Anjeun.. Nyieuhkeun Harepan..
Sanajan Tacan Patarema Ucap
Sok Komo Bari Ngareka Tresna..
Beut Teu Kuat Manggihan imut
Teu Karasa Hate Kapincut
Lalanjung, Wuyung Gandrung..
Sakitu Laut Reujeung Ombakna
Teu Eureun Eureun Mere Gugupay..
Ngogo Teuteupan..
Naha Anjeun Bet Kajongjonan
Gera Tampi Ka asih Diri
Urang Ngogokeun Kasono
Mepende Hate...
Dina Mega Pangluhurna
Hatur salam
KARAWANG SELATAN
Laun Laun Kapi'ati
Cukang Lantaran Mah Eta
Sumeleket Dina Jero Hate..
Pikir Ngahudang Brangta
Kahayang Biheung Laksana
Honcewang, hate Lalewang...
Sakapeung Dipikir Peurih
Raga Lir Keuna Ku Peurah
Anjeun.. Nyieuhkeun Harepan..
Sanajan Tacan Patarema Ucap
Sok Komo Bari Ngareka Tresna..
Beut Teu Kuat Manggihan imut
Teu Karasa Hate Kapincut
Lalanjung, Wuyung Gandrung..
Sakitu Laut Reujeung Ombakna
Teu Eureun Eureun Mere Gugupay..
Ngogo Teuteupan..
Sakapeung Dipikir Peurih
Raga Lir Keuna Ku Peurah
Anjeun.. Nyieuhkeun Harepan..
Sanajan Tacan Patarema Ucap
Sok Komo Bari Ngareka Tresna..
Beut Teu Kuat Manggihan imut
Teu Karasa Hate Kapincut
Lalanjung, Wuyung Gandrung..
Sakitu Laut Reujeung Ombakna
Teu Eureun Eureun Mere Gugupay..
Ngogo Teuteupan..
Naha Anjeun Bet Kajongjonan
Gera Tampi Ka asih Diri
Urang Ngogokeun Kasono
Mepende Hate...
Dina Mega Pangluhurna
HATUR NUHUN