Angin .. tong waka indit
Kuring rek mere titipan
Pangnepikeun rarasa an iyeu hate
Ka gusti jungjunan ati
Mega .. tong waka miang
Kuring rek talatah
Pangbejakeun ka panutan buah hate
Kunaon bet cumantel bae
Ayeuna .. kuring sorangan
Teu aya .. anu maturan
Cuang cieung .. abdi sorangan
Ka saha nya menta tulung
Ngalayang .. neang nu anggang
Hariwang .. nu di pimelang
Gusti .. nu maha agung
Mugia masihan pitulung
Mega .. tong waka miang
Kuring rek talatah
Pangbejakeun ka panutan buah hate
Kunaon bet cumantel bae
Ayeuna .. kuring sorangan
Teu aya .. anu maturan
Cuang cieung .. abdi sorangan
Ka saha nya menta tulung
Ngalayang .. neang nu anggang
Hariwang .. nu di pimelang
Gusti .. nu maha agung
Mugia masihan pitulung