Girimis meuntaskeun bentang
Peuting neundeun panineungan
Bulan muru katangtuan
Balebat nganteurkeun caang
Neang wanci pang harepan
Moal peunggas ku lamunan
Simpe taraje nahate langit
Neuteup ngadeukeutan
Srangenge mendakan poe
Beurang muru lembur peuting
Lemah mapag rasa heman
Sagara ilang kamelang
Lembur lengkob pamatuhan seah
Dangding meuntas langit
Ngampar jajar kahuripan
Cai nyurupkeun kaasih
Sagara paheut ka lemah
Sumujud pangeusi nagri
Kawung cunduk nganteur waktu
Marahmay pangeusi nagri
Durugdug munding malati
Muka welas matri asih
Raga nyurup kawaluya bagea dulur baraya
Bumi manjing kalangitan
Seah hujan kabagjaan
Ajeg gunung satangtungan susukan
Panjang harepan melak tangkal ajeg
Lemah tung- tung waktu teu tinemu